“Bapa Ahmad Sobandi Ngantunkeun, Basa Sunda Tong Dipopohokeun”

oleh Yoga ZaraAndritra pada 23 November 2010 jam 18:03




Harita basa kuring sakola di tingkat dadasar kénéh nya éta MI (Madrasah Ibtidaiyah) di lembur nu geus kaitung buhun Cidadap téa. Kuring sok rajeun ningali pa Bandi, pulang anting mamawa buku ka imah aki kuring, pa Atik. Hiji mangsa, pa Bandi sok mamawa Majalah Iber; dina hiji mangsa nu lain mawa diktat nu disusun ku anjeuna, judulna “Babasan jeung Paribasa Sunda”, jeung diktat-diktat nu laina nu disusun ku anjeuna kénéh keur ngamumulé basa Sunda. Sangkan ulah dipopohokeun ku generasi ayeuna.

Anapon kuring can kungsi maca Majalah Iber tepika réngsé, tepika wanoh pisan kana éta majalah. Kuring saeutikna apal kana éta majalah. Majalah Iber téh dipedalkeun ku ‘Pimpinan Pusat Persatuan Islam (PP Persis)’, bralna mah duka ti taun sabaraha. Mung pami niténan buku ‘Sejarah Perjuangan Persis 1923-1983’ nu disusun ku Dadan Wildan, teu kungsi dicaritakeun Majalah Iber; naha bet medal, kamana waé sirkulasina jeung kumaha carita disabudeureun Majalah Iber. Majalah Iber ieu, maké basa Sunda.

Kusabab teu dicaritakeun dina buku nu disusun ku Dadan Wildan. Kuring nyokot kesimpulan yén Majalah Iber bralna sanggeus taun 1983. Dina subjudul ‘Publikasi’ nu aya di Bab IV, Dadan Wildan ngan nyaritakeun Majalah ‘At-Taqwa’ nu dipedalkeun ku PP Persis maké basa Sunda, dipimpina ku E. Abdurrahman jeung O. Qomaruddin Saleh. Majalah ‘At-Taqwa’ ieu, mimiti medal taun 1937 M, dipedalkeun pikeun jalma-jalma Persis nu teu pati ngarti basa Indonésia, ngan ngarti basa Sunda.

Sanggeus dipaluruh kanu leuwih apal, kapanggih yén Majalah Iber medalna sakitaran taun 1967. Katerangan ieu bijil ti kang Tatan nu kungsi sagulung-sagalang jeung pa Bandi. Utamana nalika ngahadiran Kongres Basa Sunda. Tuluy, ngeunaan pa Bandi, kang Tatan méré katerangan yén pa Bandi téh pribadi anu pantes diconto; hirupna basajan, sopan, tur heman ka sasama. Salian ti kitu, kang Tatan oge salaku minantu ti pimpinan Majalah Iber, nya éta Ust. Emon Sastranegara (dugika ayeuna masih keneh ngagem amanah janten pemred majalah, ti taun 1994), matakan pantes apal ogé.

Bieu pisan, basa tulisan ieu nembé réngsé tilu paragraf, kuring ubral-obrol heula jeung kang Dédén ngeunaan pa Bandi. Kang Dédén mah cigana kungsi ngobrol jeung pa Bandi, da anjeuna harita basa pa Bandi jagjag kénéh, nuju aktif-aktifna di ‘Pemuda Persatuan Islam Cabang Padalarang’. Matak kuring rada percaya ka katerangan kang Dédén nu nyatakeun yén pa Bandi sok nulis di Majalah Iber. Kuring loba tunya-tanya ka batur ngeunaan pa Bandi jeung Majalah Iber sabab kuring teu kungsi maca jeung merhatikeun Majalah Iber komo deui ngobrol jeung pa Bandi mah. Katerangan ti kang Dédén teu pati lengkep, mangka kang Tatan nambihan katerangan nu leuwih lengkep ngeunaan pa Bandi, pa Bandi téh di Majalah Iberna janten juru titen. Katerangan ti kang Tatan ieu dikirimkeun ngaliwatan SMS ka kuring.

Cigana pulang-antingna pa Bandi ka teun pa Atik (aki kuring tea) bari mamawa Majalah Iber, nya éta keur bacaeun aki kuring. Sabab aki kuring ngalanggan éta majalah ti harita kénéh bahkan tepika ayeuna. Numatak di lomari bukuna aya ngantai/ngajajar Majalah Iber wungkul.

Tuluy, harita basa keur kuring MI kénéh, aki kuring masih kénéh ngurus MI, ngagem amanah janten ‘Kepala Sekolah MI al-Jihad’. Murid-murid nu sakola di éta MI diwajibkeun ngabogaan buku nu disusun ku pa Bandi. Sainget kuring, aya tilu buku nu kudu dipiboga ku murid. Jalaran harita mah teu nganggap penting buku-buku ngeunaan basa Sunda nu disusun ku pa Bandi. Nya, éta buku nu tilu, teu pati dipulasara ku kuring. Antukna, tina tilu buku nu dipiboga ku kuring ngan nyésa hiji, judulna, ‘Babasan jeung Paribasa Sunda’.

Ayeuna mah béda jeung baheula. Baheula kuring teu nganggap penting kana buku-buku nu maké basa Sunda. Ayeuna mah sabalikna, kuring nganggap penting kana buku-buku nu maké basa Sunda, sabab didinya basa Sunda dipulasara, dimumulé sangkan ulah dipopohokeun jeung disapirakeun. Nyapirakeun basa indung sarua jeung nyapirakeun indung sorangan. Urang geus pada-pada apal, yén urang teu sapati-pati cicing di tatar Sunda, ku Gusti dikeresakeun jadi urang Sunda, ari lain keur ngébréhkeun rasa sukur ka Gusti mah. Ku cara ngamumulé jeung reueus jadi urang Sunda, sarta maké basa Sunda dimana baé nalika ngobrol jeung sasama urang Sunda.

Tina rasa reueus ieu, mangka urang Sunda moal babari dijajah kunu lain, reueus teh sabalikna tina sikep épés mé ér (épés mé ér teh sikep-sikep jelema nu teu bisa hirup mun teu dijajah ku batur). Mun boga taneuh, taneuhna bakal diurus ku sorangan moal babari dijual ka pengusaha nu rék ngawangun pabrik atawa perumahan sahingga dirina salaku pribumi bakal nyémah di taneuh sorangan.

Karasa ku kuring, basa Sunda mah basa rasa, leuwih anteb nalika digunakeun pikeun ngagambarkeun hiji hal/hiji pikir jeung hiji rasa. Pangarti ieu lain rék nyapirakeun basa-basa lain nu hirup di ieu buana. Tuluy, nulis maké basa Sunda, keur kuring ayeuna sarua jeung ngolah rasa. Kitu ogé ngomong, ngomong maké basa Sunda sarua jeung ngolah rasa sangkan urang leuwih peka kanu diajak ngomong.

Tina pangarti di luhur ngahasilkeun laku, tingkah paripolah. Ayeuna kuring ngamimitian mukaan deui buku-buku, diantawisna nu disusun ku pa Bandi jeung buku-buku nu maké basa Sunda laina. Alhamdulillah, ayeuna kuring jadi apal, naon wangenan tina Babasan jeung Paribasa. Ari babasan téh nya éta ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman, contona: gedé hulu, panjang leungeun, jsb. Tuluy, ari paribasa teh nya éta ucapan matok saeutik patri nu mangrupa siloka langkuning hirup (pituah, piluangeun jsb), contona: Mapatahan ngojay ka meri; Moro julang ngaleupaskeun peusing, jsb. Apalna kuring kana wangenan dua kecap di luhur lantaran kuring maca diktat nu disusun ku pa Bandi.

Catetan ieu kuring jieun keur negeskeun, anapon pa Bandi salaku salah sahiji pupuhu nu ngagiatkeun basa Sunda di sakola-sakola (jeung di majalah-majalah, salaku penulis) ayeuna parantos ngantunkeun. Sumanget ngamumulé basa Sundana mah tong ngilu ngantunkeun. Budak ngora nu ngarti kudu nuluykeun naon-naon baé nu diperjuangkeun ku pa Bandi, nya éta ngamumulé basa sorangan.

Pa Ahmad Sobandi, ngantunkeun tadi enjing-enjing. Kuring teu kungsi ngobrol jeung anjeuna tapi anjeuna ngalarapkeun diri dina karya-karyana. Dina karya-karyana sumangetna tuluy hirup. Sumanget éta nu ayeuna ku kuring bakal diguar, kujalan macaan karyana.


* dicatet: 00:46 WIB, 23 November 2010 M

* Seueur kénéh kecap nu pabaliut dilarapkeun dina catetan di luhur, mugia tiasa dikoreksi sasarengan. Héhé.

*diedit deui sanggeus dipedalkeun di fesbuk


Post a Comment

Popular posts from this blog

Info Jalan-jalan ke Gunung Semeru (Rute Kendaraan)

Asal usul Reforma Agraria 1960 sampai Dipetieskan Orba

Info Jalan-jalan ke Gunung Hawu

Analisis Terhadap Cerpen jujur Prananto, “Doa Yang Mengancam”

Reforma Agraria atau Reformasi Agraria?