Di LPIK; “The Will to Power”, Basa Deungeun Nu Nyupi

oleh Yoga ZaraAndritra pada 29 November 2010 jam 18:00


Mapahlayung, Diantara Tradisi jeung Kamodérenan

Latihan Mapahlayung di Sekretariat LPIK
Aya sababaraha tafsir ngeunaan “the will to power”, jeung tatalina kamana-kamana wae. Kuring dina catetan ieu ngan wungkul rék ngalarapkeun salah sahiji tafsir nu ku sim kuring pikangarti jeung diserep dina kahirupan sapopoé. Sakumaha perenah Nietzsche sasauran, “kuring moal rék ngomongkeun naon-naon baé nu ku kuring can kaalaman”.

LPIK téh wasta hiji orhanisasi nu aya di UIN Bandung, ka asupna orhanisasi intern atawa UKM (Unit Kegiatan Mahasiswa). Kapanjangan tina LPIK nyaéta “Lembaga Pengkajian Ilmu Keislaman”. Di ieu orhanisasi kuring asup jadi anggautana, kaitung geus dua taun setengah kuring kumbuh di ieu orhanisasi.

Kamari pisan basa kuring mikeun camera digital ka Deti Sopandi di secretariat LPIK, kuring manggihan suasana nu béda pisan ti suasana saacan-acana. Kudu dipikaapal réhna LPIK di luar mah jelema-jelemana dikenal sakahayang, urakan, araranéh tapi dipikahormat dina mas’alah uteuk jeung dudulurana. Malihan mah sok dituduh murtad dina aqidah Islamna. Batur nu di luar LPIK nu teu arapaleun mah sok nuduhna téh moal jauh ti kesan negative. Tapi kulantaran budak LPIK mah nyepeng deleg prinsif toleransi, nu kararitu sok tara ditanggep leuleuwihan, ku seuri wé ditanggepna.

Urang geus pada-pada apal dina Islam mah diajarkeun, “pék mikir satekerkebek tepika ka panggih hikmahna” malihan mah rosul maréntahkeun ka jelema nu airman, “pék pulung ku arandika naon baé hikmah nu pabalatak, dimana baé kapanggihna, lantaran éta hikmah milik kaom mu’min”. Ku sumanget éta, budak LPIK maca jeung ngaji naon baé nu saenyana bisa dikaji. Kaasup filsafat nu kiwari diharam-haramkeun sangkan dikaji. Di LPIK mah naon baé dibahas jeung dikaji, rék sorangan-sorangan atawa babarengan. Suasana bebas ngaji éta nu tuluy dijaga, fungsina sangkan tiap-tiap budak LPIK bisa tuluy ngajeroan naon-naon baé nu dipikaresep. Teu aya larangan ulah ngaji ieu atawa ulah ngaji itu. Tuluy hal-hal nu anyar ngeunaan naon baé, di ieu lembaga diproduksi, ti mimiti tata pikir tepika musik.

Ngeunaan musik, kungsi LPIK dikenal ngalahirkeun hiji grup musik tradisi. Disebutna tradisi sabab alat-alat musikna sawaréh maké alat musik tradisional. Sanajan lirik jeung aliranna mah bisa kaasup modéren, malihan mah aya nu nyebut pagalo jeung aliran musik rock. Grup musik ieu sa-UIN mah ngarana geus kakoncara, perenah ogé diulem ka luar UIN, ngarana nyaéta Mapahlayung. Saenyana Mapahlayung teu bisa diklaim dilahirkeun murni di LPIK, lantaran loba budak jurusan Aqidah Filsafat, aya kana 90 persenan nu asup jadi personil di grup ieu. Matak, Mapahlayung dikenal ogé grup musik tradisina barudak AqFil. Keur kuring teu jadi pasoalan timana-manana mah, da jelemana éta-éta kénéh, kaasup budak AqFil ogé budak LPIK.

Mapahlayung aya, mawa pesen kasajatian. Sajati téh hartosna “asal”. Kalolobaan budak Mapahlayung asalna ti tatar Sunda. Lain rék ngabangkitkeun “rasisme” atawa “fanatisme kesukuan”, tapi ngangkat naon-naon baé hikmah nu aya dina misalna, karinding jeung alat-alat musik tina awi laina. Ari karinding jeung alat-alat musik tina awi éta téh dingaranan prodak budaya, budaya saha? Tangtu budaya urang Sunda. Dina prodak pasti kaunggel pipikir/atawa hikmah. Aya pipikir jeung hikmah nu kaunggel dina alat musik nu kasebut di luhur. Upama rék diintikeun pipikirna, nyaéta “sagalana balik deui ka alam/ka Gusti nu murbeng alam” atawa “innalillahi…jste”. Hartosna hayu urang pulasara alam, lantaran urang asalna ti alam bakal balik deui ka alam. Alam tong diruksak lantaran éta pangbalikan urang. Urang mah jelema ngan nyimpang cicing di ieu alam lain nu gaduh alamna, matakna tong samanea ka alam téh. Kitu singketna mah.

Ari tradisi téh ulah dipopohokeun sabab tidinya sacara kolektif urang bakal manggihan kumaha jati diri urang. Kasadaran lain ngan saukur aya dina waktu ayeuna, kasadaran téh nyambung jeung waktu nu enggeus kaliwat. Kasadaran, real aya, tibaheula tepika ayeuna, sanajan urang salaku individu can lahir (Hasan Hanafi, “Tradisi Pasca Oposisi”). Kasadaran moal bisa dipilah-pilah sacara real, nu ieu wungkul nu aya mah atawa nu itu wungkul nu aya mah. Sacara teu sadar urang salaku individu téh bentukan masarakat sakitar urang. Lamun urang mopohokeun jeung nolak tradisi hartina urang nolak diri urang sorangan. Panolakan éta baris nimbulkeun hiji kondisi dina jiwa urang nyaéta nu geus dumuk pamikir kiwari mah nyebutna “alienasi”. “Alienasi” téh kondisi ngarasa asing kana diri sorangan atawa lingkungan sorangan, nimbulkeun wéh “kesepian”. Panyakit jiga kieu biasana nimpa ka “jelema moderén”.

Modéren didieu dihartikeun anyar. Dina kajian filsafat Post-modéren, “jelema modéren” dihartikeun jelema nu sok mopohokeun jeung nganggap réméh sagala rupa nu geus jadul. Nu aya dina pipikirna tuluy mroduksi jeung mroduksi nu anyar, sangkan muaskeun hasrat konsumsina jeung kani’matan pribadina sanajan ngorbankeun batur atawa ngaruksak alam tempat cicingna. Pandanganana kahareup tuluy, nyieun imajinasi nu ni’mat-ni’mat di masa-masa kahareupna. Ékstrimna mah, réla ngorbankeun kani’matan hirup nu ayeuna, keur mapag kani’matan nu dihareup. Sikep kieu disebutna “prudensi” ku B. Russell. Ogé sikep kieu ngalahirkeun méntalitas teu puas-puas kaitanna jeung ngonsumsi, tuluy ngobjekkeun alam (ngeksploitasi alam tepika ruksak). “Jelema modern” mah moal manggih kapuasan satungtung alam tempat cicingna jeung dirina can ruksak, can hancur lebur.

Di hiji sisi, palebah mikir, budak LPIK tuluy mroduksi pipikir nu alanyar atawa ngaji pipikir saha baé nu kaitung anyar. Tapi di sisi nu laina, budak LPIK teu tabu/teu ngaréméhkeun pipikir nu geus buhun malihan mah nyokot hikmah tidinya.

Foto Barung Personil Mapahlayung di Rumah Azmil
Didieu LPIK nyokot jalan tengah, teu nyapirakeun tradisi ogé kamodérenan. Tina kasadaran pentingna tradisi ogé kamodérenan, bijil wéh prodakna dina jalur musik, nyaéta Mapahlayung téa. Mapahlayung mosisikeun dirina di “diantara” atawa di rohangan “liminal”. Nyaéta rohangan antara itu jeung ieu (tumpang-tindih). Tradisional ongkoh, modéren ongkoh.


“Karlmarx” Munggaran Bijil

Kondisi di secretariat LPIK jadi béda pisan jeung saacan-acana. Kuring keur cicing sura-seuri sorangan ngadéngékeun Ridwan jeung saparakanca ngahaleuangkeun lagu nu kagolong nasyid. Jadi teu konsen wéh maca buku ogé, da éta Ridwan mani genaheun ngahaleuangkeun lagu nasyidna dibarengan ku Rabel jeung Deti.

Ieu kondisi béda lantaran heureuyna, maenya aya jelema malurtad ngahaleuangkeun lagu nasyid. Ari lagu nasyid téa geus dicap/diidentikeun lagu Islami. Nu ku kuring apal, lagu aliran nasyid munggaran bijil ti melayu. Melayu geus identik Islam. “Islam téh melayu, melayu téh Islam”, aya ungkapan ciga kitu. Saleresna mah Nasyid téh prodak budaya urang Melayu, teu béda jeung musik Dangdut.

Biasana di UIN Bandung mah lagu Nasyid dinyanyikeun ku budak aktifis dakwah kampus (atawa sakola, mesjid jeung sajabana) keur kapentingan da’wah. Lirik-lirikna ogé kalolobaan mah ngajak ka nu ku maranéhna dianggap bener jeung ngajauhan nu ku maranéhna dianggap salah. Nasyid nu diidentikeun milikna budak aktifis da’wah kampus, kiwari di LPIK dinyanyikeun ogé. Nu ku batur LPIK téh dituduh dieusian ku jelema malurtad ti Islam. Asa anéh jeung hayang seuri. Ieu nandakeun kiwari mah perkara musik lain milik sasaha deui mun kieu carana, perkara musik mah perkara rasa, saha waé boga rasa, jeung bérhak ngajeroan rasana ngaliwatan musik naon baé.

Celetuk téh aya nu ngusulkeun sangkan LPIK medalkeun ogé grup nasyid. Rabél méré wasta ka éta grup nasyid nyaéta “Karlmarx”. Langsung ku kabéhan disatujuan, wastana “Karlmarx”, digawangan ku; Rabél, Deti, Ridwan, Hafidz jeung Ihsan, Ojan jadi menejerna. Bijilna “Karlmarx” jadi grup musik aliran nasyid nu digawangan ku barudak LPIK negeskeun hiji hal, nyaéta “the will to power (kehendak untuk kuasa)”.

“The will to power”, ngabogaan fungsi dinamismeu ngatasan diri tuluy jeung tuluy. Nalika LPIK diidentikeun jeung Mapahlayung sarta nasyid ngan wungkul milikna barudak aktifis masjid, dua hal éta diatasi/didobrak ku budak LPIK sorangan. Ieu nu dingaranan “the will to power” ngandung harti ogé daya hirup nu tuluy ngajadi teu eureun di hiji titik / kabiasaan atawa identitas. Identitas nu enggeus-enggeus nerap, éta diatasi. “the will to power” konsep Nietzsche ieu hampir sarua jeung konsepna Bergson nyaéta “élan vital (energi hirup)”.

Ceuk Nietzsche, jelema dibedakeun jeung sato, alatan jelema mah ngabogaan kamampuan ngaréalisasikeun sagala rupa potensi jeung “kemungkinan-kemungkinan” nu aya dina dirina. Sato teu bisa ngalakukeun hal éta. Numatak upama aya jelema nu teu daék ngaréalisasikeun dirina/ ngabitukeun poténsi nu aya dina dirina éta jelema moal mangkat-mangkat ti status satona/jelema éta sarua jeung sato. Lantaran kitu, di LPIK, jelema dibébaskeun ngarealisasikeun dirina kucara ngatasan hambatan nu aya disabudeureuna; hambatan identitas/hambatan kabiasaan.

Ceuk Nietzsche dina salah sahiji aforismeuna nandeskeun yén urang kudu hirup dijero hambatan; hambatan identitas, hambatan kabiasaan jeung nu séjéna. Hambatan-hambatan nu aya éta kudu diatasi ku urang. Ngarah urang tuluy tepika darajat jelema nu disebut “ubermansch”. Fungsina “the will to power” nyaéta nganteurkeun urang ka darajat jelema nu disebut “ubermansch”. Ngeunaan hambatan, Nietzsche leuwih radikal deui ngomong, saenyana urang kudu hirup dina jero kasusah (penderitaan), kasusah éta tuluy ku “the will to power”(“the will to power” aya dina sagala rupa nu aya, prinsif tina sakabéh kahirupan jelema jeung sawatara alam) dirobah jadi hal nu endah-endah jeung nyieun bagea (sakabéh hambatan/kasusah kudu diatasi).

Jalan hirup jelema nu sadar ngeunaan ayana “the will to power”, aranjeuna baris tuluy hirup dijero hambatan (penderitaan) sangkan hirup bisa diatasi. Jelema model kieu baris ngafirmasi kana kahirupan, moal paembung-embung hirup, ogé moal rék kabur maehan diri sorangan kujalan cicing di tempat-tempat nu ngarareunah atawa tempat-tempat nu ku kaom sufi dipikahayang. Nyaéta tempat-tempat nu nyieun maranehna (kaom sufi) jauh tina kasusah, karumit hirup. Ngasingkeun diri di sawatara tempat nu sepi keur ngan ukur nginget-nginget Gusti. Jelema nu nolak kahirupan jeung nganggap remeh pasoalan hirup ku Nietzsche disebut jelema “pesimis”.

Jelema nu wani nyinghareupan hirup, tuluy hirup dijero sawatara pasoalan-pasoalan nu aya. Éta jelema disebut jelema nu ngabudaya (berbudaya) jeung éta jelema geus asup paseu kabudayaan asketis, disebutna jelema asketis ku Nietzsche. Kabudayaan asketis aya saenggeus kabudayaan Barbar jeung Normal. Jelema di kabudayaan Asketis nyaéta jelema nu geus sadar kana ayana “the will to power”. Sahingga maranéhna tuluy ngatasan hambatan nu aya disabudeureuna. Alatan kitu maranéhna baris ngarasa paling kawasa kana dirina, jelema model kieu moal mikeun kadaulatan dirina ka batur, komo deui ka nagara mah. Maranehna baris ngatur dirina sorangan. Alatan kitu, jelema asketis baris condong nolak nagara atawa nolak naon-naon baé nu dimapankeun.

Asketis model Nietzsche béda jeung asketis nu ilaharna, sanajan dina sisi prinsifna mah sarua. Sakumaha nu dikutif ku Tyler T. Roberts (“Spiritualitas Posreligius: Eksplorasi Hermeneutis Transfigurasi Agama dalam Praksis Filsafat Nietzsche”: Penerbit Qolam), Nietzsche dina bukuna “Antichrist” ngadeskripsikeun yén, asketisismeu mangrupakeun; hal alami, kabutuhan, naluri jeung éta jelema nu di jalan asketis kasebut jelema spiritualis. Jelema Spiritualis (asketis/nyupi) sakumaha geus ditetelakeun nyaéta jelema nu sadar kana “the will to power”. Nyinghareupan hirup, pagumul jeung pasoalan nu aya di jerona tuluy jeung tuluy, éta pasoalan diatasi /dirobah jadi naon baé karya nu éndah. Éta jelema nu geus ngatasi sagala kasusah jeung pasoalan hirup hartina geus ngafirmasi hirup. Jeung nolak sagala hal nu mapan bari manéhna ngaréalisasikeun dirina, ngabitukeun poténsi nu aya dina dirina sangkan jadi jelema nu paling jelema.



*dicatet sateuacan nyaba ka Cicalengka (acara TGB LPIK 27 November 2010)



Post a Comment

Popular posts from this blog

Info Jalan-jalan ke Gunung Semeru (Rute Kendaraan)

Asal usul Reforma Agraria 1960 sampai Dipetieskan Orba

Info Jalan-jalan ke Gunung Hawu

Analisis Terhadap Cerpen jujur Prananto, “Doa Yang Mengancam”

Reforma Agraria atau Reformasi Agraria?