“Nietzsche: Nihilismeu Aktifna Ngomean Jalan”

oleh Yoga ZaraAndritra pada 25 November 2010 jam 9:45


swadaya memperbaiki jalan yang rusak (foto: soloraya online)
Peuting kamari, wanian pisan kuring momotoran. Jaba sorangan, jaba peuting, jaba poek, jaba tas hujan badag. Mawa motor, ngajalankeuna bari laun, laun pisan ciga seuneu nu ngelun nu digunakeun keur meuleum sampeu. Éta perjalanan, mani ngepros tur halimpu. Rurat rérét kuring ka sisi jeung ka gigir, ningalian nu can katingali, jeung nempoan nu can kungsi katempo.

Prak téh nyampak di sisi belah kénca aya kolomalir nu geus kaisi pinuh ku cai hujan. Ogé di sisi belah katuhu nyampak kolomalir nu caina mancawura kamana-meni. Atuh jalan nu jadi pangliwatan kuring kakeueum ku cai. Seok-seok téh sora cai, minuhan liang nu aya dina ceuli, bari éta cai ngalirna teu ka sakuduna tempat cai ngalirkeun diri.

Éta lokasi nu jadi pangliwatan kuring téh ngarana Kampung Babakan Loa. Ti heula mah éta kampung can réa pendatang. Lolobana diisi ku masarakat pribumi. Ayeuna, sanggeus Babakan Loa peupeus jadi dua. Dimimitian ku masarakatna, ngajual sawaréh taneuhna ka pengusaha keur ngadegkeun perumahan. Mangka, Babakan Loa nurutkeun tata letak jeung pasipatan masarakatna bisa dibagi jadi dua tempat. Hiji Babakan Loa komplek, kiwari ngaran perumahana sok disebut-sebut Babakan Loa Permai (Baloper). Ari nu hiji deui mah Kampung Babakan Loa non komplek.

Naon-naon baé nu nimpa ka dua Babakan Loa sok saling pabeda-beda. Umpamana, nalika usum halodo, Kampung Babakan Loa (non komplek) sok hésé cai, malihan mah cai ogé kudu ngagaleuh atawa ngakutan ti sumur nu réa kénéh caina. Padahal, piraning cai-cai waé kudu meuli. Tapi teu bisa dipadahal-padahalkeun, ai kondisina geus kitu nya rék kumaha deui. Beda pisan jeung di Baloper, anapon usum halodo cai mah tetep ngocor (maklum, ngarana gé komplek perumahan). Namung, nalika usum hujan datang, Baloper (Babakan Loa Permai) sok rajeun ka keueum ku cai, malihan mah pernah ku taneuh beureum ogé.

sakitu wé kuring nyaritakeun ngeunaan kondisi Kampung Babakan Loa kiwari. Iraha-iraha bakal kuring bedah asal-usul éta kampung tepika perobahan-perobahan sacara social, lingkungan (alam) jeung sajabana nu aya di jero.

Kaluar ti wilayah Babakan Loa kuring asup ka wilayah Kepuh. Motor masih kénéh laun jalana, ngahaja ku kuring lalaunan dijalankeuna. Lain pedah hayang kapuji ngarah disangka bos. Da éta kondisi jalana ogé, teu nyerminkeun jalan nu sehat atawa jalan “yang baik dan benar”, ceuk dina EYD téa mah. Rék kekebutan téh jalana teu ngeunaheun, ngadon rusak motor. Jaba peuting, sieun labuh sabab kondisina hujan nembé rengsé.

Di Baloper mah cai ngaléméréh ka jalan lantaran kolomalirna teu ditata sacara bener, ari didieu mah (di Kepuh) cai ngaléméréh ka jalan lantaran euweuh kolomalir. Keur mah jalan di Kepuh téh rusak, jalana geus mangrupa jalan di leuweung geledegan, katambah ungal hujan aliran cai teu kana tempatna (kolomalir, da euweuh). Ku cara cai hujan teu ngalir dina tempatna, mangka cai ngaléméréh ka tengah jalan, hal éta salah sahiji factor nu nyieun jalan jadi rusak. Kitu ogé kondisi jalan nu aya di Cidadap.

Geus aya dua tauna, hususna jalan ti Babakan Loa tepika Cidadap teu diomean. Alesan kades, anggarana beakeun ku kades baheula. Ungal ditanyakeun iraha ngomean jalan, waleran kades anger kitu. Popoyok wé jeung popoyok, masarakat di handap mah ka pamarentah. Utamana, tukang ojeg jeung tukang delman. Jelema-jelema nu ngan saukur bisa popoyok, hartina éta jelema teu walakaya nyingharepan nu dipoyokna. Sukur kénéh kétang mun masih bisa popoyok, hartina masarakat ngabogaan sipat kritis. Tapi leuwih alus, sabari popoyok ngalakukeun hal nu solutif.

Mun jelema bisana ngan saukur popoyok bari teu ngalakukeun nanaon nu maslahat. Teu bisa narima kondisi atawa kaayaan nu nimpa dirina, malah kalakah ngarandapan kondisina. Éta jelema téh lemah tur teu walakaya. Naon pangna bet kitu? Sabab éta jelema geus nyerahkeun sagala kapercayaan dirina ka hiji hal nu di luar dirina, éta jelema geus beakeun kapercayaan diri, mun kitu.

Urang kontekstualisasikeun hal ieu kana kondisi jalan nu aya di Babakan Loa, Kepuh, Cidadap jeung mentalitas masarakatna. Jelema-jelema nu aya di tilu kampung nu kasebut, mun ngan wungkul bisana ngarandapan jeung popoyok ka pamaréntah bari teu ngalakukun nanaon. Éta jelema geus bisa disebut lemah teu boga waragad. Saha nu dipoyok? Nyaéta pamaréntah. Mun kitu, hartina urang salaku nu ngan wungkul bisa moyok geus teu percaya kana diri. Hal ieu nu disebut ku Nietzsche, “dekadensi” atawa “kemerosotan”.

Keur jelema-jelema nu ngan bisa moyok jeung ngarandapan nasibna ka pamaréntah. Hartina maranéhna nganggap pamaréntah salaku hiji institusi nu mapan, nu bisa minuhan sagala kabutuh rahayatna. Baris nyieun jelema teu walakaya jeung teu boga kawasa. Ngamapankeun hiji hal éta nu jadi soal. Nalika urang geus kitu, tangtu bakal pinunjul hal-hal nu beku jeung hal-hal nu teu kreatif, nu nyieun urang ka bui di tempat nu dingaranan “kasusah jeung kasieun”. Tuluy wé urang miharep jeung méré kawasa kanu di luar diri urang, sanajan nyaho yén éta nimbulkeun kasusah. Nalika urang miharep ka saha baé/ hal-hal nu di luar diri urang (nu sifatna duniawi), teu percaya kana diri urang, éta téh disebutna idolisasi. Hal kitu téh nyieun mandek.

Sagala hal nu geus ku urang dipatenkeun, dimapankeun jeung diabsolutkeun, éta téh kudu buru-buru ku urang leungitkeun. Sabab hal-hal nu kitu nu nyieun jelema teu kreatif téh. Nietzsche, sakumaha nu diterangkeun ku St. Sunardi, ngaharamkeun sagala rupa nu baris dimutlakeun. Manehna make metafora Gusti keur ngilustrasikeun pamikirana. Kieu saurna, “Gusti geus paéh! urang saréréa geus maéhan Anjeuna (Gott ist tot!Gott blebt tot! Und wirhaben ihn getotet)”. Nalika Gusti geus paéh/dipaéhan, urang rék nyepeng ka nu naon, urang geus teu boga tetekon, teu boga ageman jeung teu boga papasten?

Konsekuensi maehan Gusti nyaéta urang jadi bingung, jadi lieur sabab urang sarua jeung mareuman caangna panon poé, bumi rék kamana museurna? Ogé sarua jeung nginum cai sasamudra sarta neleg cakrawala. Kitu ogé upama urang ngaleungitkeun katergantungan ka pamaréntah. Tangtu samentara waktu urang baris bingung, kamana urang kudu ngagantung. Éta téh nihilismeu ngarana, nalika urang maéhan Gusti tuluy bingung. Namung, upama urang eureun pas palebah kabingung, éta hartina urang kaasup jelema eleh, jelema nu kajebak di faseu nihilismeu pasif. Nihilismeu kudu dielehkeun ceuk Nietzsche, urang kudu nyinghareupan nihilismeu dugika ka cepeng. Upama geus bisa kitu, urang asup kana faseu nihilismeu aktif.

Upama dilarapkeun kana kahirupan masarakat. Éh, sateuacan ka na obrolan ngontekstualisasikeun nihilismeu aktif. Kuring hayang ngajelaskeun heula, yén ngeunaan Gusti nu dipikamaksad ku Nietzsche numutkeun katerangan St. Sunardi lain Gusti nu saenyana. Tapi Gusti salaku symbol sagala rupa nu dimutlakeun, dipatenkeun, jeung diabsolutkeun padahal lain nanaon.

Salaku masarakat nu geus maéhan Gusti (dina hal ieu Gusti téh nyaéta pamaréntah nu ku urang geus dimapankeun sahingga urang ngabogaan anggapan, yén tanpa pamaréntah tanwandé urang moal bisa hirup). Maéhan sagala rupa nu geus dimapankeun, maéhan sikep katergantungan urang ka pamaréntah éta téh kasebutna paseu nihilismeu can ka na paseu nihilismeu aktif. Sing saha waé jelema nu bisa asup ka na faseu nihilismeu aktif, potensina baris bitu ngapung ka awang-awang lantaran teu aya deui hal nu ngahalang-halang pikeun cupta-cipta. Masarakat nu geus bisa asup ka na faseu nihilismeu aktif baris bisa ngaberdayakeun dirina, moal ngagantung ka pamaréntah. Moal loba popoyok, upama moyokna ge éta dina raraga ngingetan jeung negor pajabat.

Faseu nihilismeu aktif nyaéta faseu dimana masarakat percaya ka na dirina bari wani ngatur diri sorangan. Teu ngagantungkeun dirina ka institusi nu dingaranan pamaréntah. Faseu ieu kuring sok nyebut, faseu dimana jelema jembar rasa sukur. Ari sukur téh kondisi tumarima ka na poténsi nu aya, tuluy digunakeun sacara optimal.

Masarakat nu geus nepi ka nu kasadaran nihilismeu aktif, nalika nyinghareupan, upamana jalan anu rusak. Moal loba lila, pasti masarakat model kieu bakal swadaya ngoméan jalana. Moal ngadago-dago pamaréntah, nu enggeus jélas-jélas rusak méntalna, singketna, aya jeung henteuna pamaréntah moal jadi teuing masalah. Lantaran maranéhna geus teu gumantung ka hal-hal nu aya di luar dirina.


*dicatet sabadana adzan subuh


Post a Comment

Popular posts from this blog

Info Jalan-jalan ke Gunung Semeru (Rute Kendaraan)

Asal usul Reforma Agraria 1960 sampai Dipetieskan Orba

Info Jalan-jalan ke Gunung Hawu

Analisis Terhadap Cerpen jujur Prananto, “Doa Yang Mengancam”

Reforma Agraria atau Reformasi Agraria?