“Sajarah (Persis) Ngalangkung Miwah Nietzsche”

oleh Yoga ZaraAndritra pada 24 November 2010 jam 14:06




Nietzsche jadi cukang lantaran pikeun kuring meredih deui makna naon baé nu kaunggel dina kecap “Pembaharu”. Geus papasten ti Gusti, kuring dibabarkeun diwewengkon Persis (Persatuan Islam) meles. Nyaéta kampung Cidadap, salah sahiji puseur Persis jeung DI (Darul Islam) nu aya di Padalarang.

Ai Persis (Persatuan Islam) téh nyaéta salah sahiji orhanisasi masarakat nu didirikeun di éra Nagara Indonésia can ngadeg, sakitar taun 1923, nu digawangan ku K.H. M. Zamzam, K.H. M. Yunus jeung saparakanca. Saacan Persis ngadeg, aya opat ormas nu enggeus tiheula ngadeg, nyaéta Jamiat Khaer, Muhamadiyah, Al-Irsyad, jeung PUI. Jamiat Khaer didirikeun kaping 17 Juli 1905 di Jakarta. Kaping 18 November 1912 ngadeg Muhamadiyah ku Ahmad Dahlan di Yogyakarta. Sabada Muhamadiyah ngadeg, Syekh Ahmad Soorkati nu tadina ngagabung jeung Jamiat Khaer, misahkeun diri nyieun Al-Irsyad kaping 16 September 1914. Taun 1917 na di Majalengka bijil wéh PUI (Persatuan Umat Islam) nu dimotoran ku K.H. Ahmad Halim. Lima ormas di luhur ngabogaan visi jeung misi nu hampir sarua. Nyaéta ngamurnikeun deui ajaran Islam.

Husus ngeunaan Persis, Howard M. Féderspiel nyieun buku nu dibere judul, “Labirin Idéologi Muslim”. Buku éta husus nyaritakeun sajarah Persis ti taun 1923 tepika 1957. Féderspiel ngagolongkeun Persis salaku orhanisasi modern jeung salah sahiji orhanisasi pembaharu nu aya di Indonésia.

Carita nu netélakeun Persis jeung ormas nu laina asup kana golongan ormas modern jeung ormas pembaharu, éta bener di jamana. Jaman harita jeung jaman ayeuna tangtu béda. Bisa waé ayeuna mah ormas-ormas di luhur nu ditétélakeun geus jadi jumud, teu pantes deui disebut pembaharu.

Ciri-ciri sikep jumud téh nyaéta nalika urang tuluy ningali ka tukang jeung tuluy kudu ngarujuk ka tukang. Lamun ceuk nu ditukang salah, nya salah. Tuluy ningali ka tukang, sok rajeun nyieun urang buta ka nu aya di hareupeun, sahingga urang teu bisa nyiptakeun hal-hal nu anyar pikeun ngajawab tantangan di hareup. Ngarana gé sajarah, ai sajarah téh salah sahijina ngandung harti laku lampah nu geus dipigawé. Sajarah dina basa deungeun nyaéta history.

Ngeunaan history, Nietzsche kungsi ngomongkeun hal ieu. Ceuk St. Sunardi dina bukuna “Nietzsche” nu diterbitkeun ku LKIS. Yén, Nietzsche dina bukuna “Unzeitgemässe Betractungen” (Lenyepan-lenyepan Nu Teu Aktual) kungsi ngomongkeun tema sajarah (history). Manéhna, ceuk St. Sunardi, munjulkeun tilu konci dina ngomongkeun sajarah. Pamikiran Nietzsche ieu teu leupas tina kondisi jamana nu ngagul-ngagulkeun kasadaran tuluy-tuluyan ka jaman buhun.

Tilu konci éta nyaéta histories, ahistoris jeung suprahistoris. Dua konsep nu mimiti didasarkeun kana masalah karipuh jeung kasenang/ kasusah jeung kabungah (Leuwih jauh Qur’an ogé ngomongkeun kasusah jeung kabungah, mangga tingal di surah Al-Insyirah (ah, ieu mah intermezo wé, héhé)). Cindekna mah, jelema nu boga pasipatan histories jeung ahistoris sarua moal bagea. Geus diulas di luhur, jelema nu boga pasipatan histories/ ngagul-ngagulkeun sagala hal di jaman buhun, manéhna moal bisa nyokot kaputusan jeung nyipta sagala nu anyar (singketna mah teu kreatif). Jelema model kieu geus ngagustikeun (idolisasi) sajarah, numatak pantes manéhna moal kreatif, sabab kakreatifan dirina geus dipungkas ku kabeneran mutlak di tukang (masa lalu). Kitu ogé jelema nu boga pasipatan ahistoris, manehna bakal leungiteun titijekan, leungiten akar, sahingga kabudayaan nu dibangun ku jelema modél kieu baris hampos. Salain ti éta, jelema modél kitu biasana sok teu bisa ngatur diri, hirupna ngan saharitaeun. Naon atuh ari suprahistoris téh?

Suprahistoris mah di tengah-tengah. Ngidolisasikeun sajarah henteu, ngabutakeun diri kana sajarah ogé henteu. Ngidolisasikeun sajarah atawa ngagustikeun ka na sajarah, éta dalah nimbulkeun kajumudan, sikep mandek, jeung teu kreatif téa. Kamandekan téh di wewengkon pasantren mah sok disebut “hirup henteu, paeh ogé henteu/ aya na sarua jeung euweuh”. Hartina, naon-naon baé nu dilakukeun ku jelema tipeu histories lila ka lilaan bakal ditinggalkeun sabab teu saluyu jeung jaman, dianggap teu maju-maju, jeung teu bisa ngawadahan masalah-masalah nu geus béda deui.

Méntal-méntal nu diseuneuan ku konsep suprahistoris baris ngajungjung nu ngarana “proses”. Teu nganggap salsé kana naon baé nu geus dilakukeun ku batur. Lamun dina kabeneran, teu nganggap bener mutlak naon baé nu bijil ti batur atawa ti dirina. Kabehanana ngan saukur proses, nu teu dipikanyaho rengséna iraha/ sampurna na iraha. Kalintang sombong jelema nu geus nganggap sampurna naon-naon baé nu dihasilkeuna.

Kitu ogé Persis salaku ormas. Saha nu apal pertéla jelema-jelema nu aya di jerona geus ngabogaan sikep jumud nu ngahasilkeun kamandekan. Ciri-cirina bisa dicocogkeun jeung nu aya di luhur. Kiwari mah bahkan aya anggapan yén, umat Islam ayeuna geus nyucikeun (nyakralkeun) wadah tempat manéhna bajoang. Tuntunan Quran teu leuwih diturut ti batan tuntunan intruksi orhanisasi. Sindiran ieu ditujukeun oge pikeun Persis (Persatuan Islam) salaku orhanisasi masarakat. Loyog henteuna sindiran jeung kanyataan di jero Persis, kantun dititénan ku urang saréréa.


*dicatet sateuacan magrib, bari mukaan bukuna; H. M. Féderspiel “Labirin Ideologi Muslim” (2004, Serambi Ilmu Semesta), St. Sunardi “Nietzsche” (1996, LKIS), jeung Dadan Wildan “Sejarah Perjuangan Persis 1923-1983”.



Post a Comment

Popular posts from this blog

Info Jalan-jalan ke Gunung Semeru (Rute Kendaraan)

Asal usul Reforma Agraria 1960 sampai Dipetieskan Orba

Info Jalan-jalan ke Gunung Hawu

Analisis Terhadap Cerpen jujur Prananto, “Doa Yang Mengancam”

Reforma Agraria atau Reformasi Agraria?