Haji Hasan Mustapa Sobatna Snouck Hurgronje



Saacana kuring teu apal saha ari Haji Hasan Mustapa teh.  Ngadenge ngarana oge can kungsi, komo deui neleuman pamikirana. Harita ceuk beja, barudak AF (Aqidah Filsafat) ngayakeun diskusi pamikiran Haji Hasan Mustapa, nu tempatna di Puskom. Pupuhu nu dibere kalungguhan sangkan ngaping barudak neleuman pamikiran Haji Hasan Mustapa, teu sirik deui nyaeta Baba Icon, salah saurang jelema nu layeut jeung pamikiran HHM. Lain salah saurang meureun, malihan mah hiji-hijina nu masih keneh nguplek ngaji karya-karya HHM di tatar UIN Bandung ieu. Puguh we layeut, lain ceuk rumor atawa ceuk desas-desus, kuring meunang katrangan langsung ti manehna yen manehna (Baba Icon/Ahmad Gibson al-Bustomi) ti S2 keneh ngagarap tesis ngeunaan Haji Hasan Mustapa, dituluykeun ayeuna disertasina oge masih ngeunaan Haji Hasan Mustapa (HHM). 

Baba Icon nu calon doktor, di UIN Jakarta mah dikenal budayawan Sunda, tulisan-tulisana sumebar di surat kabar model Kompas. Salila kuring gaul jeung manehna, pamikiran kabudayaana wa bil khususkabudayaan Sunda corakna progresif jeung rasional. Naon pangna bet disebut progresif, sabab manehna netelakeun yen urang Sunda nyinghareupan budayana tong passif tapi kudu aktif.

Kabudayaan dina dirina ngandung harti proses jelema nyupta-nyipta sagala rupa tina bahan-bahan nu aya di dunia keur ngagenapan kamanusaan dirina. Di dieu Baba Icon rek nembongkeun yen kabudayaan teh lain ngan ukur soal artefak atawa titinggalan-titinggalan nu bentukna kabiasaan, tapi oge soal peran aktif jelema. Ieu sajalan jeung nu ditetelakeun ku van Peursen dina bukuna “Menjadi Filsuf (Suatu Pendorong ke Arah Berfilsafat Sendiri)”. Kabudayaan lain aya di luar jelema (artefak, jeung titinggalan-titinggalan laina), tapi aya di jero jelema (ngalingkupi jelema), nyaeta proses aktif-kreatif jelema nempatan alamna. Ku jalan kitu kabudayaan moal baris mandek, jeung jelema nu diwarisan kabudayaan ku luluhurna moal ngarasa asing ka budayana sorangan, sabab tuluy diadumaniskeun jeung tantangan jaman sarta alamna.

Prodak-prodak budaya samodel upacara-upacara atawa pagelaran-pagelaran nu di jerona sumebar symbol-symbol budaya, nu kararitu teh cek Baba Icon teu cukup jadi tontonan. Sabab mun ngan saukur jadi tontonan, moal aya proses transfer nilai nu sabenerna diselapkeun dina simbol-simbol nu digunakeun. Kudu aya kagiatan ngaguar simbol-simbol nu dipake sahingga kapanggih naon makna atawa sumanget nu hayang ditepikeun ka urang salaku generasi anyar.

Proses ngaguar model kieu teh ilahar disebut demitologisasi. Ari demitologisasi teh hartina ngaleupaskeun aspek-aspek mitos anu nerap disebudeureun prodak budaya nu dimaksud sahingga kaharti ku alam pikir jelema ayeuna jeung bisa jadi rujukan sikep urang Sunda kiwari. Lamun budaya-budaya Sunda nu aya teu dirasionalkeun ku jalan demitologisasi, tanwande baris ditinggalkeun ku urang Sunda kalolobaan sabab teu kaharti ku alam pikir urang Sunda kiwari. Ieu nu dimaksud rasional.

Di dieu kuring lain rek mere gambaran yen mitos nyaeta sagala rupa nu teu dipikaharti nu dijieun ku jelema baheula. Justru ceuk Levi-Strauss ngaliwatan J. Storey (2008:70), netelakeun kieu, “Sakabeh mitos boga fungsi sosial-kultural nu sarua di masyarakat. Tujuana nyaeta nyieun dunia bisa dijelaskeun, sangkan bisa memeres pasoalan-pasoalan dunia jeung kontradiksi-kontradiksina sacara ajaib”. Jadi mitos teh di lain pihak boga fungsi justru rasional, keur saha? Keur jelema-jelema baheula atawa jelema-jelema ayeuna nu alam pikirna masih kabaheula-baheulaan. Lamun keur jelema ayeuna, mitos dihartikeun sagemblengna teu dianggap bagian tina metafor, mangka tangtu hese pikeun nyerep pesen naon-naon bae nu sabenerna nyelap di jero mitos.

Eta sakilas we pasikepan Baba ngeunaan kabudayaan kukuring ditetelakeun, bari awalna teu niat oge. Ayeuna mah kukuring catetan ieu rek diarahkeun ka jalan nu bener saluyu jeung judul di luhur.

Barang bray kuring meunang beja yen barudak AF ngayakeun diskusi pamikiran HHM di Puskom, nya sutset weh kuring ngajug-jug rohangan diskusi nu dimaksud. Eh ketang, teu samata-mata niat kitu kuring ka Puskom, aya paniatan nu lain, nyaeta hayang fesbukan gratis.

Jalaran kuring kacanduan fesbuk harita, mangka sacara teu sadar pola pikir kuring kakondisikeun ku struktur di jero fesbuk. Misalna fesbuk teh pan media anu ngadekeutkeun papada jelema sangkan saling kahubung saolah-olah sacara langsung. Majar teh ku jalan fesbukan komunikasi langsung pahareup-hareup beungeut jeung beungeut bisa kagantikeun ku jalan fesbukan. Ku lantaran fesbuk boga tujuan minangka kitu, mangka saha bae jalma bisa langsung komen nalika aya misalna nu ngalemparkeun pernyataan di fesbuk ngaliwatan rohangan status, tuluy bisa langsung diwalon eta komentar nu aya.

Sahingga sarupaning catetan/pernyataan/ komentar nu teu dipikaharti nu disimpen di fesbuk bisa langsung dipenta pengertianana naon harita keneh ka jelema nu ngalontarkeunana. Jadi dina fesbuk mah, nu diunggulkeun teh komunikasi langsung. Tingali we struktur/fasilitas-fasilitas nu aya di jero fesbuk ngarojong pisan kagiatan komunikasi langsung. Matak sacara deetna di dunia fesbuk mah teu berlaku pernyataan pangarang geus paeh teh, da sagala nu teu dipikaharti bisa ditanyakeun langsung harita keneh, tangtu ka pangarang nu harita fesbukan.

Pola pikir ciga kitu cigana nerap ka diri kuring, sahingga nalika maca karya HHM kuring teu manggih titik caang saha jeung kumaha ari pamikiran HHM teh. Ari rohangan fesbuk pan rohangan nu nunjang komunikasi langsung, beda jeung rohangan Puskom. Rohangan Puskom nu digunakeun keur ngadiskusikeun karya HHM bisa disebut oge rohangan komunikasi teu langsung jeung HHM. Disebut kitu lantaran HHM nu miboga karyana teu jirim di Puskom. Sahingga naon-naon bae nu teu dipikaharti blas we mopoek diri, jadi poek, kuring teu bisa nanya langsung ka HHM ciga dina fesbuk. Mangka aktivitas nu terjadi di Rohangan Puskom mah nyaeta aktivitas nafsirkeun karyana sangkan jadi faham sanajan HHM-na euweuh.

Tipu Muslihat Snouck ka Umat Islam Nusantara salaku Bangsa jeung ka HHM

Harita kuring lelegegan we ngiluan diskusina, bari teu kaharti oge naon nu keur diomongkeun. Kumaha rek bisa nafsirkeun karyana, wawuh jeung HHM oge henteu; ti mimiti raratan riwayatna, tepika naon wae jenis karya-karyana. Nu dimaksud lelegegan teh, kuring plek we aniplek narimakeun potokopian karya HHM mangrupa pupuh.

Lantaran kitu, kuring can pati wani ngomongkeun karya HHM salian nyatut tinu sejen kumaha ari karya HHM teh, misalna nyatut ti Ajip Rosidi ngalangkungan bukuna “Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana”.

Kaluar ti bahasan karya tulis HHM, mangka kuring tiheula hayang netelakeun pribadi HHM  ngaliwatan Ajip Rosidi. Hiji pamohalan lamun kuring disebut wanoh jeung HHM. Disebut pamohalan sabab kuring teu sajaman teu salembur jeung anjeuna matak moal wanoh, jajauhaneun panggih mah. Salah sahiji jalan mikawanoh anjeuna ngaliwatan Ajip Rosidi.

HHM teh tokoh kontroversial boh tina segi agama boh tina segi politik, Ajip Rosidi(1989:Viii), sasauran kitu dina bukuna. Prasangka kitu diwangun jalaran anjeuna dina sisi agama dianggap nganut paham nu pasalia jeung paham ahlus sunnah waljamaah, dina sisi politikna  kulantaran anjeuna sosobatan jeung Prof. Dr. Snouck Hurgronje.

Prof. Dr. Snouck Hurgronje ka beh dieukeun anjeuna kapanggih ngamuluskeun jalan pikeun Walanda ngajajah Aceh nu saacana hese pisan dijajah. Kucara ngayakeun panalungtikan ngeunaan kahirupan jeung adat-istiadat urang pribumi nu baris digunakeun pikeun kapentingan Penjajahan Walanda, nyaeta salah sahijina jadi rujukan (naskah akademik) pikeun ngajajah Aceh (1). Nu karek  bisa dijajah sabadana Snouck mikeun hasil panalungtikanana ka Penjajah Walanda. Ngeunaan Snouck nu api-api asup Islam sangkan bisa katarima ku pribumi, dibalakakeun ku Dr. van Koningsveld. Anjeuna ngabuktikeun yen Snouck Hurgroje kungsi susuratan jeung guruna nu Protestan, Dr. Theodor Nuldeke, yen anjeuna asup Islam henteu jeung saenyana. Ieu ditetelakeun ku Ajip dina bukuna (Haji Hasan Mustapa jeung Karya-Karyana).

Saking pentingna Islam keur Snouck (oge keur pamarentah Walanda), Snouck nepika daek ripuh-ripuh bobodoan asup Islam (Snouck resmi asup Islam tanggal 4 Januari 1885, di Jeddah (1989:56)) sangkan bisa mukim di Mekkah jeung katarima ku urang pribumi. Nu matak Snouck perenah mukim di Mekkah keur ngajeroan Islam, tuluy ngarana digenti jadi Abdul Ghofar. Islam harita teh lain ngan saukur dipandang minangka agama formal hungkul, saenyana Islam teh harita boga peran penting ngabangkitkeun sumanget ngusir Walanda sangkan ingkah ti Nusantara teu ngajajah deui. Ningali kitu cigana Snouck gimir, katambah-tambah mangsa harita Snouck asup ka Mekkah penjajah Walanda geus welasan taun nyanghareupan perang Aceh. Eta nu mangrupa perang panglilana pikeun Walanda mah, tur geus gede pisan meakkeun waragad, Ajip Rosidi (1989:57).

Rosihan Anwar dina bukuna nu ngulas ngeunaan peran penting umat Islam utamana haji dina perjoangan pikeun kamerdikaan, nu mimiti medalna taun 1971, kiwari medal deui taun 2011, dicitak ku Fadly Zon Library, netelakeun yen sumanget pemberontakan atawa perlawanan ka Walanda bijil alatan aya tali pameungkeutna nu sarua sa-Nuantara nyaeta Agama Islam. Mangka mun make kacapanon jaman harita, nasionalisme teh teu lain nyaeta tali pameungkeutna Islam. Beda jeung ayeuna, Islam teh lain faktor nu utama dina nasionalisme, malahan mah sok rajeun dianggap salah sahiji faktor pemecah kesatuan bangsa. Matak Islam tepika ayeuna teu diposisikeun minangka sistem nagara atawa hukum, sabab hal ieu baris ngaruksak kostruk nagara sekuler nu diwangun ku Walanda baheula.

Aktor nu maenkeun peranan penting dina pemberontakan jaman harita nyaeta haji. Naon pangna bet haji, sabab Umat Islam Nusantara nu mulih ti haji loba nu karacunan ideu-ideu anti penjajahan nu antukna di Nusantara rea nimbulkeun pemberontakan, saperti di Sumatra (2). Nu jadi ulon-ulon pemberontakan nyaeta Haji. Mangka gelar Haji harita teu ngan hungkul gelar lantaran geus bisa mangkat ka tanah suci, tapi oge boga fungsi sosial-emansipatif (kamerdikaan/pembebasan). Nu baralik ti Haji ilaharna jalma nu paham agamana geus jero jeung boga pangaruh, mangka tangtu baroga murid. Pihak Walanda sieun ku haji lantaran dianggapna sok ngahasut murid-muridna sangkan berontak ngalawan ka Walanda. Ningali Islam nu ciga kitu, Walanda kacida sieuna.

Snouck asup Islam tur ta ngajeroan Islam di Mekkah nepika ngajeroan Islam di Nusantara, lain saenyana pikeun nguatkeun imana ka Islam. Tapi keur panalungtikan neangan celah-celah kumaha ngalemahkeun Umat Islam Pribumi sangkan wegaheun pikeun berontak. Sabadana kapanggih kumaha carana ngalemahkeun Umat Islam, hasilna ku Snouck tuluy ditepikeun ka pamarentah Walanda. Ku HHM, diri Snouck nu saenyana kitu teu katembong, nu matak HHM mah dugika pupusna ka Snouck teh nganggap dulur we. Cek Ajip Rosidi (1989:56), HHM ka Snouck dugika nyebut “dulur kaula”, tur “sili belaan salawasna keur deukeut keur jauh”.

Sanajan Snouck teh urang Walanda, tangtu HHM moal su’udzon ka Snouck. Lantaran ningali sikepna nu soleh, solat jeung puasa mah tara katinggalkeun. Katambah-tambah  van Koningsveld netelakeun ngaliwatan Ajip Rosidi (1989:57), ‘Snouck kungsi nikah malah kagungan putra jeung wanita pribumi urang Sunda dua kali. Nu kahiji jeung Sangkana, putrana Haji Muhammad Ta’ib, panghulu besar Ciamis, dina taun 1889.........Sabada kagungan putra opat, Sangkana pupus sabada kaluron ku putrana nu kalima. Snouck nikah deui ka Siti Sadiyah, putra hiji-hijina Haji Muhammad Su’eb alias Kalipah Apo dina taun 1898’.



(1). Ajip Rosidi (1989:56), perlu kauninga yen saran-saran Snouck Hurgronje ka pamarentah (Gubernur militer jeung Sipil Aceh katut Gubernur Jenderal) teh mangrupa rasiah. Eta saran-saran kakara dipublikasikeun beh dieu, 1957-1965 mangrupa buku nu judulna Ambtelijke Adviezen van C. Snouck Hurgronje nu diedit ku Dr. E. Gobee jeung C. Adriaanse. Ulah pon HHM nu lain urang Walanda dalah urang Walanda oge nu henteu langsung patali jeung urusan eta mah, moal terangeun kana saran-saran Snouck teh, sabab sifatna rasiah tea.

(2). Ajip Rosidi (1989:53), ku lantaran pamarentah pohara sieuneunana ka urang Islam nu “panatik” ngayakeun pemberontakan cara nu geus kajadian di Sumatra (perang Padri) jeung di Banten, nya pamarentah ngayakeun rupa-rupa aturan pikeun nyengker kagiatan umat Islam, diantarana ku nyieun aturan-aturan anu ngawatesanan nu rek munggah haji (sabab aya anggapan yen sabada baralik ti Mekah rea haji nu jadi ulon-ulon pemberontakan).


Daftar Pustaka:
-          Rosidi, Ajip. 1989. Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana.  Bandung: Penerbit Pustaka.
-          Storey, John. 2008. Cultural Stidies dan Kajian Budaya Pop. Jogjakarta: Jalasutra.
-          van Peursen, C.A. 2003. Menjadi Filsuf (Suatu Pendorong ke Arah Berfilsafat Sendiri). Jogjakarta: Qalam.
-          Anwar, Rosihan. 2011. Jatuh Bangun Pergerakan Islam di Indonesia. Jakarta: Fadly Zon Library.




Post a Comment

Popular posts from this blog

Info Jalan-jalan ke Gunung Semeru (Rute Kendaraan)

Asal usul Reforma Agraria 1960 sampai Dipetieskan Orba

Info Jalan-jalan ke Gunung Hawu

Analisis Terhadap Cerpen jujur Prananto, “Doa Yang Mengancam”

Reforma Agraria atau Reformasi Agraria?